NUNGTUT ELMU NYIAR PANGABISA
Ku: KH. Syarif Sukandi (Alm)
Nungtut elmu nyiar luang, nyuprih pangarti nambah pangabisa, eta parentah ti anu maha kawasa.
Ulama anu ti heula, jeung santri anu kiwari beda pisan beubeunangannana dina nyiar pangarti, nu baheula mah tereh bisa, bari ngarti, gampang tulur talar: sedeungkeun anu ayeuna estu sabalikna padahal ilmuna kitu-kitu keneh, mun lauk mah, kancra kancra keneh, moal boa mun teu salah eupan useupna nu bengsal.
Ti antara eupan nguseup
elmu para Ulama baheula, nyaeta hormat khidmat ka Guru, jadi Guru teh teu disakelaskeun jeung palayan toko tukang ngaladangan, geus hasil barang mah tara inget ka nu ngaladangan.Sayyidina Ali ngadawuh:
“Inni ‘Abdu man ‘allamani harfan wahidan”.
Hartosna:
“Kuring mah abidna (hamba-na) jalma anu ngajar ka kuring sanajan sahurup.”
Padahal Sayyidina Ali teh, kantos ngadawuh:
“Ja’alakallohu hurron falaa takun abda ghoirika”.
Hartosna:
“Alloh geus ngadamel maneh teh dina kaayaan merdeka, omat maneh ulah rek jadi abid (hamba) jalma nu sejen”.
Najan kitu ari Guru mah ku Sayyidina ‘Ali di iwalkeun da bongan jadi sarat hasilna pangarti, jadi eupan nguseup elmu.
Mun campelak cumantaka ka anu jadi Guru, najan loba pangabisa sugih ku pangarti, pasti elmuna moal aya berekahan, da bongan ingkar tina dawuh Rasul:
“Waqqiruu man tata’allamuuna minhu”.
Hartosna:
“Hormat hargaan jalma anu ngajar ka maneh”.
Kiwari lain sepi ku pangarti lain suwung ku berilmu, nu pinter pajejel, sarjana pabalatak, ngan anu hormat khidmat ka Guru hese neangannana.
Pantes azab ti Pangeran tumiba ka balarea, sabab teu ngahargaan ka Guru, teu hormat ka ulama eta salah sahiji kama’siatan anu nimbulkeun bebendon Pangeran, akibatna elmu ngawujud, tapi teu mangpaat taya kaberekahan.
Dawuh Nabi:
“La mautu qobiilatin aisaru min ‘alimin”.
Hartosna:
“Maot saqobilah (sadesa), eta leuwih enteng batan maot hiji ‘Alim (Ulama)”.
Dawuhna deui:
“Al-‘Ulama-u aminullah fil ardl”.
Hartosna:
“Ulama teh kapercayaan Alloh (anu) dipercayakeun ku Alloh di ieu bumi”.
Kitu Rosulullah ngahargaan ka Ulama.
Hormat khidmat teu sarua jeung midewa, sabab menerkeun kasalahan guru nuduhkeun ka kaliruan guru eta lai hartina campelak, malah kitu peta teh, ti antara cara mikanyaah ka Guru, sabalikna mun teu kitu eta mah nganggap dewa kanu jadi Guru.
Saterusna niat nyiar elmu teh kudu didasaran kana 4 rupa:
- Izaalatul Jahli ‘an Nafsihi: Ngusir ka tuna diri. Tegesna teu era nembongkeun kabodoan.
- Izaalatul Jahli ‘an Saa_irin Nasi: Ngusir ka tuna ti masyarakat. Tegesna pangarti nu geus aya diajarkeun deui kabatur, teu hayang pinter sorangan.
- Ihyaa_ud Diin: Ngahirupkeun agama. tegesna agama moal hirup lamun tanpa elmu, sarta agama bakal paeh lamun make dasar taqlied.
- Ibqoo_Islam: Ngalageungkeun Islam. Tegesna nu Islam teh lain diri sorangan bae, tapi hayang turun temurun ka anak incu, nyaeta kujalan didikan jeung pangajran.
Di sarikeun ti Majalah Risalah no.2, 23 Juni 1963, Hal.30
Muhammad Rivan.















































